Sunday, October 23, 2016

Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda (2)



Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Teman-teman semua, terutama yang sekarang sudah kelas 6 SD. Sebentar lagi sudah mau melalui Ujian Nasional atau UN. Nah setelah itu, tentunya apa yang diharapkan, yaitu bisa lulus dan mendapatkan nilai terbaik. Itulah harapan kita semua.

Kali ini Penulis akan berbagi contoh pidato perpisahan sekolah kelas 6 nanti. Mumpung masih ada persiapan yang lumayan panjang, tidak ada salahnya mempersiapkannya dari sekarang.

Berikut ini Penulis akan memberikan contoh teks pidato perpisahan kelas 6 SD  dalam bahasa sunda yang bisa kalian pelajari.




Assalamu’alaikum Wr. Wb.              

              Bapak kepala sakola anu ku sim kuring dipihormat, bapak ibu guru sareng staf TU anu sami kusimkuring dipihormat, para tamu anu kusimkuring dipihormat, oge teu hilap ka rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.                                    
                Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami genep taun.           
            Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
                Kantenan wae salami genep taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Elmu pangaweruhna anu didugikeun Bapak kalih Ibu Guru ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
                Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah SWT Amin
               Teu hilap simkuring bade nyuhunkeun dihapunten ka bapak miwah ibu tina sadaya kalepatan-kalepatan simkuring sareng sadaya rerencangan rumaos seueur kalepatan anu ngajengkelkeun ka ibu miwah bapa, mudah-mudahan bae bapa sareng ibu luntur kalbu wening leah manah tiasa ngahapunten.
                Pamungkas, neda pidu’a ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
                Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

No comments:

Post a Comment